Bennylin
Nyieun kaca anyar Dina hiji powe aya singa-barong hiji, kacida ambĕkna, lulumpatan bari asup bijil tina leuweung, barina ngagĕro sĕsĕgor, sato-sato pada giras siyeuneun. Kadenge ku rambĕtuk, garetekeun kacida ka singa-barong, rambĕtuk ngomong: Matak ngewa teuing ku singa-barong, cacakan kami lamun pĕrang di mana bae kapanggihna, wani bae diadu pĕrang tandingan jeung singa-barong. Singa-barong ngomong barina seuri sarta ngahina, pokna: Montong nyapluk siya rambĕtuk! Gancang bae hi...