Asép Sunandar Sunarya
  • Kuring kudu ngahaturkeun nuhun ka sing saha waé anu geus ngritik, rék didasaran ku ngéwa atawa nya'ah, pék téh teuing. Sajaba ti éta, meureun perlu ogé kuring nendeskeun yén naon rupa kréativitas jeung inovasi anu ku kuring dilakukeun, dina raraga tarékah sangkan seni Sunda wayang golék anu mibanda ajén adi luhung, tetep bisa hirup disagala jaman, kaasup dijaman kiwari anu gening batan sakitu loba nilai seni katut budaya deungeun anu asup ka Indonésia pon kitu deui karasa ku urang Sunda. Atuh meureun mun wayang golék teu dimumulé kujalan inovasi mah tangtu baris kadéséh kubudaya deungeun téh. Nudipigusti ku Kuring mah ngan Gusti, lain pakem, lain wayang golék, lain tali paranti. Sapamanggih Kuring pakem wayang golek lain perkara anu statis komo kudu disakralkeun mah, lain! Ngan disisi séjén, kuring ogé kudu méré atawa nyadiakeun lolongkrang pikeun saha waé anu miboga pamadegan anu teu sajalan jeung pamanggih kuring, mangga téh teuing. Teu aya guna jeung manfaatna mutuskeun silaturahmi alatan pakem jeung hal séjén anu sifatna multitafsir. Naon anu dilakukeun ku Kuring, ngaropéa wayang golék ku jalan inovasi, lantaran Kuring yakin yén euyeub pisan niléi-niléi kamanusaan katut Katuhanan dina seni Sunda wayang golék. Ku mangrupa anu mere aprésiasi kana naon anu ku Kuring dilakukeun, éta mah hak balaréa séwang-sewangan,da kuring mah darma diajar, atuh ngadalang gé darma diajar.[1]
  • Euweuh.. Euweuh nu nyaho manusa mah soal jodo, pati, bagja katut cilaka. kitu deui jeung Uing, ah teu nyangka wé sagala rupana ogé, geus kieu wé kuduna, da mémang kieu gening kanyataanana. teu Dalang, teu Présidén, teu Hansip, teu Ulama teu saha, ari ceuk nu Maha Sutradara kudu A nya pasti kajadian A. Aaaaah tarima wé ku kasadaran da sagala gé teu hayang komo embung.[1]
  • Ngeureuyeuh nikreh sanajan bari pateuh gunung ge bakal aya disahandapaeun mumuncangan.[1]
  • Wayang usik ku Dalang na Jalma hirup da ku kersana.[1]
  • Lalakon di pawayangan mangrupa hiji gambaran jelema hirup di alam dunya.[1]
  • Harkat jeung Martabat hiji Bangsa bisa diukur tina budayana.[1]
  • Lamun budayana awutawutan tangtu bangsana ge bakal ruksak.[1]
  • Lamun poé isuk rék kiamat, aya siki jagong pelakeuneun.. pelakeun.[1]
  • Sanajan apal raga rék ditinggalkeun nyawa tong eureun nyieun kahadéan mah.[1]
  • Lahirna Maha Karya nyaéta ti jelema anu idéalis nu didasaran ku étika, éstétika jeung logika dina karyana.[1]
  • Lalajo berita unggal poé aya waé kajahatan, tapi da lamun seug dipikir mah, nu kieu nu kitu ge jajadian Pangeran. Jeung Pangeran mah teu weléh nya’ah, matak kapanggih gé nyieun kajahatan ngandung harti Pangeran nya’ah, Supaya sadar. Da lamun teu kapanggih mah meureun moal sadar. Contona wé dina wayang loba nu geuleuh ka Dorna, tapi da Dalangna mah nya’ah. Lamun Dorna buladig teh teu weléh diomean.[1]
  • Is not the gun but the man behind the gun. Jadi lain bedilna nu bahaya, tapi jelema anu satukangeun bedilna.[1]
  • Bener patung teh kudu diancurkeun, dahar beuki, udud beuki, ari gawé mumul. Kahayangna téh ngan diurus wé diwewelan tur dibéréan. Matak buru gera ancurkeun éta hirup anu matung téh ganti ku getol jeung rajin insyaallah malaikat bakal ngadeukeutan méré rejeki.[1]
  • Nangka asak ceuk panon konéng, ceuk ceuli sadana ngageblug, ceuk irung seungit, ceuk létah amis. Kapan bararéda, tapi teu paséa sugan pasukan korong nyerang ka panon pédah beda!! Kapanan henteu nya? Tah urang ogé béda paham ulah paséa malah kudu ngahiji. Sabab ayana perbédaan téh supaya terjalin persatuan.[1]
  • Kabagjaan jeung kabungahan teu bisa digambarkeun ku carita sanajan sakumaha éndahna basa. Diri diciwitan wanci, wujud ditungtut ku waktu moal mulang ka alam sampurna tanpa panghampura ti balaréa.[1]
  • Urang dititah bener ku agama kudu nulung kanu butuh, nalang kanu susah, nya’angan kanu poekeun, ngajait kanu titeuleum. Mun kitu hartina urang teh dibela ku Agama. Tah ayeuna mah tibalik nukuduna urang teh dibela ku Agama, ayeuna mah lolobana Agama dibela ku urang. Nya heueuh atuh parasea![1]
  • Lain seni Wayang anu turun tapi apresiasi nu lalajo anu naek. Tah didieu seniman ditungtut kudu kreatif da lamun teu kreatif mah bakal monoton. Ceuk kolot baheula lamun hayang maju kudu bisa ngindung kawaktu, Mibapa kajaman. Hartina kudu bisa beradaptasi dengan apresiasi.[1]
  • Sakur perkara nu datang kana diri, nu karasa, nu katempo, nu kadenge. Mun teu jadi elmu rugi! Sing saha nu ngamubadirkeun perkara nu datang kana diri kapi naon ka setan?[1]
  • Meunang demo, nu ulah mah anarkis. Margi Pangeran moal rek mikacinta ka jalma nu nyieun karuksakan diluhur bumi. Atuh leuleutikan we heula demo kana diri anu diogo ku kahoreaman. Demo eta hoream jadi getol.[1]
  • Nagara anu mayoritas Agama Islam bisa riweuh kitu. Ayana Agama Islam teh keur ngawujudkeun persatuan dan kesatuan. Naha kalah jadi perpecahan? Kurung geus jadi manukna. Yakin dina ngartikeun eusi Qur’an urang ditu mah jararago da sidik bahasana, tapi naha atuhnya daek diadukeun. Sing horeng gening lain artina nu kudu dipilampah tapi maksud jeung tujuanana.[1]
  • Can eureun ngajorowok lebah kulon, sing karoceak lebah wetan, di wetan keur ngoceak jelegur lebah kidul, di kidul keur ngajelegur dikaler ngajeleger.[1]
  • Tadina aya dua lisme, hartina dua pamikiran tungtungna beda paham, lamun geus beda paham geus pasti bakal pasea. Ari nu ngaran pasea mah euweuh nu bener hiji oge.[1]

Rujukan

édit
  1. 1,00 1,01 1,02 1,03 1,04 1,05 1,06 1,07 1,08 1,09 1,10 1,11 1,12 1,13 1,14 1,15 1,16 1,17 1,18 1,19 1,20 1,21 Taohids Online. Aforisma Asep Sunandar Sunarya Kumpulan Aforisma Asep Sunandar Sunarya. Diaksés 13 Méi 2017.
 
Di Wikipedia gé aya artikel ngeunaan: