Buka ménu utama

Cutatan poé ieu


Omong Inohong

Mang Koko.jpg
Mang Koko (1917 – 1985)
Panyanyi, Seniman Sunda

Samoja

Kedalna asih na bulan pinuh mamanis // hiji jangji pasini na rasmining wanci // mangsa samoja jongjon kembangan // duh eulis, langit lénglang // angin rintih dina ati, aduh
Lalakon lawas na bulan pinuh katineung // aya jangji pasini nu henteu ngajadi // mangsa samoja geus ngarangrangan // duh ieung, langit angkeub // samagaha dina haté, duh
Ayeuna kantun waasna, jungjunan // lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan // kamari nu pamit, kamari nu pamit // datang deui na kalangkang
Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan // lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan // kamari nu leungit, kamari nu leungit // rék lebeng mo deui datang.

Sariak Layung

Sariak layung di gunung // iber pasini patepung lawung // teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung // eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh
Haréndong meuhpeuy harideung // jalan satapak rarambu leuweung // kumalangpang ronghéap nu kapitineung // eeh, ronghéap nu kapitineung, duh
Surya surup layung hibar // ka tanjakan sawangan diumbar // geus ngolébat, ieuh, samar-samar // hariring asihna kapireung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang // katitipan haréwos kamelang // tawis deudeuh, ieuh, nu maranti // sungkeman kahéman saranggeuy malati.

Wengi Énjing Tepang Deui

Disimbutan ku halimun // Diaping ku indung peuting // Lalaunan ngalayangna // Sukma ninggalkeun jasadna
Emh aduh sukma ninggalkeun jasadna // // Ngalayang ka awang-awang // Rék nepangan ka nu tebih // Nepungan ka urang gunung // Malati di pinggir pasir // Kakara pisan ligarna // Kapendakna tacan lami // Katuruban dangdaunan // Kaheumpikan nagasari
Kembang diburu dirungrum // Sawengi henteu kawangi // Patapan henteu kalénglang // Raraosan mah sawarsi // Emh aduh raraosan mah sawarsi
Hawar-hawar sora hayam // Ciri parantos janari // Nu nyumput téh humarurung // Teungteuingeun milik diri // Harianeun teuing kadar // Misahkeun anu keur asih // Kembang nganggo dihalangan // Ditundung ku indung peuting
Gunung geus aya di pungkur // Indit hate mah murilit // Duuuh indit hate mah murilit

Miang gé da sumoréang // Parangtritis kapiati // Aduh Enung pileuleuyan // Wengi énjing tepang deui // Duh aduh wengi énjing tepang deui.

Daptar Kategori

anyarkeun

Inohong

Abdurrahman Wahid  · Baharuddin Jusuf Habibie  · Carl Sagan‎  · John F. Kennedy  · Mahmoud Ahmadinejad  · Asép Sunandar Sunarya  · Déwi Sartika  · Kang Darso  · Didi Pétét  · Oto Iskandar di Nata‎  · Méméd Sastrahadiprawira  · Muhamad Musa

Pakasaban

Arsiték  · Artis  · Ékonom  · Filsuf  · Guru jeung Sokoguru  · Élmuwan  · Jurnalis  · Pabisnis  · Pamingpin nagara  · Pulitisi  · Sastrawan

Téma

Agama  · Barat  · Tresna asih  · Film  · Filsafat  · Filsafat Indonésia  · Kawanén  · Komputer  · Kokolot  · Atikan  · Perang  · Sosobatan  · Pulitik  · Seni  · Tarian

Paribasa

Acéh  · Afganistan  · Afrika  · Bali  · Banjar  · Batak  · Bolaang Mangondouw  · Bugis  · Dayak  · Florés  · Indonésia  · Inggris  · Jambi  · Jawa  · Jepang  · Jérman  · Kaili  · Kaur  · Kéi  · Kerinci  · Lampung  · Latin  · Madura  · Makassar  · Mandar  · Mbojo  · Melayu  · Mesir  · Minahasa  · Minangkabau  · Muara Enim  · Musi Banyuasin  · Nias  · Ogan Koméring Ilir  · Palémbang  · Papua  · Perancis  · Riau  · Rumania  · Samawa  · Sanana  · Sasak  · Seram Kulon  · Serawai  · Sikka  · Sunda  · Talaud  · Ternaté  · Tiongkok  · Toraja  · Walanda

Nu séjén

Pilem deungeun : Sherlock Holmes  · Acara tipi : Ini Talk Show  · Kajadian : Pilpres 2015


Éntri Anyar +/−


Wilujeng Sumping di Wikiquote!

Wilujeng sumping di Wikiquote basa Sunda, rohangan bébas pikeun midangkeun babasan, paribasa, kekecapan mutiara jeung cutatan anu kakoncara, tur bisa ditembong sarta dioméan ku saha baé. Ti mimiti diadegkeunna taun 2007, nika danget ieu Wikiqoute basa Sunda kakara ngawadahan 1.281 kaca cutatan (boh tina basa Sunda boh tina basa lian anu ditarjamahkeun). Anu dipidangkeunna nyaéta kekecapan mutiara, karya sastra, babasan, paribasa jeung réa deui, kaasup ogé sumber-sumber anu dipikawanoh ku sakumna jalma. Leuwih lengkepna mah mangga sorang Wikipédia anu medarkeun informasi leuwih jero, ogé Wikikamus pikeun maluruh kekecapan anu ahéng.

Baca dina basa séjén