• Tepas
  • Acak
  • Asup log
  • Pangaturan
Donate Now If this site has been useful to you, please give today.
  • Ngeunaan Wikiquote
  • Bantahan
Wikiquote

Babasan Sunda K

  • Baca dina basa séjén
  • awaskeun
  • Édit

K

édit
  • "Kabawa ku sakaba-kaba."
  • "Kabedil langit."
  • "Kabur pangacian."
  • "Kacanir bangban."
  • "Kacekel bagal buntutna."
  • "Kaceluk ka awun-awun kawéntar ka janapria, kakoncara ka mancanagara."
  • "Kaduhung tara ti heula."
  • "Kagok asor."
  • "Kahieuman bangkong."
  • "Kahirupan jelema sok aya pasang surutna."
  • "Kai teu kalis ku angin."
  • "Kajejek ku hakan."
  • "Kakeueum ku cai togé."
  • "Kalah ka éngkég."
  • "Kalapa bijil ti cungap."
  • "Kaliung kasiput."
  • "Kandel kulit beungeut."
  • "Kapiheulaan ngaluluh taneuh."
  • "Kapipit galih, kadudut kalbu."
  • "Kapiring leutik."
  • "Kasép ngalénggéréng konéng."
  • "Kasuhun kalingga murda."
  • "Katempuhan buntut maung."
  • "Katerka ku kira-kira."
  • "Katindih ku kari-kari."
  • "Katumbukan catur kadatangan carita."
  • "Katurug katutuh."
  • "Kawas aeud."
  • "Kawas anu teu dibedong."
  • "Kawas bayah kuda."
  • "Kawas beubeulahan térong."
  • "Kawas beusi atah beuleum."
  • "Kawas bodor réog."
  • "Kawas budak rodék hulu."
  • "Kawas bueuk meunang mabuk."
  • "Kawas bujur aseupan."
  • "Kawas carangka runtah."
  • "Kawas careuh bulan."
  • "Kawas ciduh jeung reuhak."
  • "Kawas congcorang murus."
  • "Kawas cucurut kaibunan."
  • "Kawas dodol bulukan."
  • "Kawas dongéng Si Boséték."
  • "Kawas duruhan huut."
  • "Kawas gaang katincak."
  • "Kawas gateuw."
  • "Kawas gula jeung peueut."
  • "Kawas hayam keur endogan."
  • "Kawas hayam lamba."
  • "Kawas hayam panyambungan."
  • "Kawas heulang pateuh jangjang."
  • "Kawas hileud peuteuy."
  • "Kawas himi-himi."
  • "Kawas jog-jog mondok."
  • "Kawas ka budak rodék hulu."
  • "Kawas kacang ninggang kajang."
  • "Kawas kedok bakal."
  • "Kawas kedok rautaneun."
  • "Kawas langit jeung bumi."
  • "Kawas lauk asup kana bubu."
  • "Kawas leungeun nu palid."
  • "Kawas maung meunang."
  • "Kawas merak."
  • "Kawas nu dipupul bayu."
  • "Kawas nu kékéd."
  • "Kawas nu meunang lotré."
  • "Kawas nu mulangkeun panyiraman."
  • "Kawas panyeupahan lalay."
  • "Kawas Rama jeung Sinta."
  • "Kawas siraru jadi."
  • "Kawas tatah."
  • "Kawas toéd."
  • "Kawas tunggul kahuru."
  • "Kawas ucing garong."
  • "Kawas ucing kumareumbi."
  • "Kawas wayang pangsisina."
  • "Kejo asak angeun datang."
  • "Kejot borosot."
  • "Kembang buruan."
  • "Kembang carita."
  • "Keuna ku aén."
  • "Keuna ku lara teu keuna ku pati."
  • "Keur béntang surem."
  • "Keur meujeuhna bilatung dulang."
  • "Keur meujeuhna héjo lembok rambay carita."
  • "Keur nuju béntang surem."
  • "Keuyeup apu."
  • "Kiceupna sabedug sakali."
  • "Kiruh ti girang kiruh ka hilir."
  • "Kokod nonongeun."
  • "Kokolot begog."
  • "Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran."
  • "Kokoro nyénang."
  • "Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam."
  • "Kolot dapuran."
  • "Kolot kolotok."
  • "Kolot pawongan."
  • "Koréh-koréh cok."
  • "Kudu bisa kabulu kabalé."
  • "Kudu bisa ngeureut neundeun."
  • "Kudu bisa pindah cai pindah tampian."
  • "Kudu boga pikir kadua leutik."
  • "Kudu hadé gogog hadé tagog."
  • "Kudu nepi méméh indit."
  • "Kujang dua pangadékna."
  • "Kukuh Ciburuy."
  • "Kulak canggeum bagja awak."
  • "Kumaha bulé hideungna baé."
  • "Kumaha ceuk nu dibendo."
  • "Kumaha geletuk batuna gejebur caina."
  • "Kumaha kejebur caina geletuk batuna."
  • "Kumaha raména pasar."
  • "Kumis bangbara ngaliang."
  • "Kunang-kunang nerus bumi."
  • "Kurang jeujeuhan."
  • "Kuru aking ngajangwaning."
  • "Kuru cileuh kentel peujit."
  • "Kuru kurulang-kuriling."
  • "Kurung batok."
Dicomot ti "https://su.wikiquote.org/w/index.php?title=Babasan_Sunda_K&oldid=11344"
Terakhir diubah pada 13 Pébruari 2023, pukul 06.45

Bahasa

      Ieu kaca can sayaga dina basa séjénna.

      Wikiquote
      • Wikimedia Foundation
      • Powered by MediaWiki
      • Kaca ieu panungtungan diédit 13 Pébruari 2023, jam 06.45.
      • Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda.
      • Kawijakan privasi
      • Ngeunaan Wikiquote
      • Bantahan
      • Kode Etik
      • Pamekar
      • Statistik
      • Pernyataan réréméh
      • Katangtuan Pamakéan
      • Déstop