Batu
Aya kusir, ngaranna ki Saptu, tumpak kareta, loba momotna, nyorang jalan jěblog, kudana mogok kabeh. Kusir teh kěrěp pisan měcutannana kuda sarta barina ngahaok ngahayuhayu leumpang kana kuda kareta, tapi paměcutannana jeung panghaokna taya gawena, kudana bebeyakan tanagana narik kareta, tapi karela wěleh teu daek maju. Kusirna bebeyakan měcutannana bari ngahayuhayu, manan maju kareta anggur pěcutna potong, karetana mah teu ngeser saeutik-eutik acan tina enggonna mogok.
Aya hiji jělěma ngaliwat ngeureunkeun ka nu keur měcutan kuda kareta, sarta bari ngomong ka kusir, pokna: Hanteu kaběněran lampah sampeyan teh, hoyong kéncéng burung kéncéng; coba lamun dipariksa heula mah sarta lampah sareh, eta pěrkara nu matak měntog kana kareta, lamun geus uninga anu matak mogok kareta, tangtu kareta sampeyan hamo eureun; sabab batu nu matak měntog roda kareta. Ki kusir cicing bae, teu lemek, bari sěmu era. Ari geus kitu kusir teh turun nyingkahkeun batu, nu matak nyangkol kareta teya, kĕbat kudana narik kareta. Omong ki Saptu kiyeu pokna: Lamun jělěma rek ngalampahkeun pagawean anu hese, ulah bari jeung napsu, hadena kudu jeung sareh bae sarta kudu nitenan anu jadi pamangkaän atawa halangan.