Tuwan van den Brink sore sumping ka lěmburna, isuk-isuk ngaděg di bumina deukeut jandela, ningali kuda bělo tětěgaran dina pělak kacang cina, ngaruksakkeun pěpělakan. Tuwan mariksakeun ka tukang gědongna: eta kumaha aya kuda lulumpatan dina pělak kacang diantěp bae? Wangsul tukang kebon: Eta kuda lain kagungan ajĕngan, pun jurugiling nu gaduh kuda bělo teh, mangga ku kuring rek dibuburak sarta nu gaduhna rek dicarekan. Barěng něpi ka sore, tuwan van den Brink nguriling di panggilingan, nyaur ka tukang giling, keur nangtung dina lawangna, saurna: Kami nenjo kuda maneh tětěgaran dina kěbon kami, lamun kapanggih deui ku kami tangtu dicékěl, dilaporkeun ka pulisi! Tukang giling ngawangsul barina seuri: Sumangga bae dicandak sareng dilaporkeun ka pulisi oge.

Bareng isuk tuwan van den Brink ningali deui aya kuda lulumpatan dina urutna kamari; manahna tuwan van den Brink dilawan ku tukang giling, tuluy miwarang nyokot eta kuda sarta tuluy dibawa ka pulisi. Ku pulisi diděngda, minangka jadi hukuman anu tambelar ka cocoöan, ngaruksak kěbon batur; eta děngdaän dikeunakeun ka tukang giling teya, sabab eta nu disebut boga kuda, tatapi hanteu jadi, sabab kaburu trang yen eta kuda kagungan tuwan van den Brink. Tuwan pindah běnduna, hanteu tulus běndu ka tukang giling, běnduna ka juru gědong teya, malah dengdaännana dikeunakeun ka dinya, dicandak tina bayarannana sabulaneun. Tuwan van den Brink ngalahir ka juru gědong: He juru bohong! tina bohong maneh ayeuna nyilakakeun ka maneh, sabulan iyeu maneh moal dibayar, sabab bayaran maneh teh dipake ngeusian děngdaän kabohongan maneh teya.

Hartina iyeu dongeng: omong bohong teu matak bisa nyait tina kasalahan maneh, anggur-anggur matak ngabeungbeuratan, tambah katiwasan maneh.