Buhaya, Maung Jeung Jĕlĕma Ngaliwat
Aya jĕlĕma leumpang nyorang jalan singgĕt, nu sabeulah ti katuhu gunung luhur jeung sabeulah ti kenca cai walungan gĕde, ngaran Logangga. Teu kungsi lila nenjo maung turun ti gunung, nyampeurkeun rek ngahakan ka manehna; bawaning geus kasĕlĕmpĕk rek ngĕcĕbur ka cai, nenjo buhaya keur ngambang; matak jadi susah kacida, lemekna kiyeu: Tĕgĕs cilaka awak kami, sabab dipihapitkeun ku balai nu bakal jadi lantaran pati. Bawaning geus kumpul kasusahan, tuluy bae ngagĕdĕbugkeun maneh kana taneuh, maungna gancang ngarontok ka jĕlĕma nu ngagoler, tapi kalangkah kalĕpasan, maungna kĕcĕbur ka cai, ditampanan ku buhaya, tuluy dibawa teuleum; jĕlĕma tuluy bae lumaku teu kungsi meunang balai.
Hartina iyeu dongeng: najan maneh kadatangan ku balai gĕde, ulah pĕgat-pĕgat nĕnĕda salamĕt; ari balai teya teu tangtu, nu mangka jadi lantaran salamĕt awak maneh; aya nu siga matak tambah cilaka, tapi rajeun jadi lantaran salamĕt.
__________