O esum pacéklik kacida aya budak lalaki miskin, urang ka pagunungan, ngaran si Konta, běrmaen kejo sakeupeul nu sugih-sugih ka kenca-katuhueun lěmburna. Sajroning lěmbur eta aya anak nu sugih, ngaranna si Kasim, keur dadaharan dihareupeun lawangna, dijajalukan ku si Konta, pokna: Kawula nyuhunkeun saciwit bae. Ki Kasim lěngus, omongna: Wah geura ngaliwat, aing moal mere ka maneh! Antara sataun ki Kasim leumpang ka pigunungan, neyangan ěmbena, asruk -asrukan, mangsa harita menggret pisan panasna panon powe, ki Kasim halabhab kacida, něpi ka tuhureun, tatapi teu manggih pancuran, tungtungna nenjo si Konta keur ngangon ěmbe, diyuk dina handapeun kai iyuh, ngagigirkeun kěndi. Ki Kasim nyampeurkeun si Konta, omong ki Kasim: Kami menta cai sarěgot bae. Tembal si Konta: Wah geura ngaliwat kaditu, kami moal rek mere ka maneh! Ki Kasim seug ceurik, sarta narima kasalahannana bareto, tuluy menta pangampura; si Konta gancang mere cai dina kěndi, omong si Konta: Kawula teu boga ali goreng , sak ka pada kaula, ngawangsul soteh songong ka sampean, supaya sampean bae geura ngaku tumarima yen kaluluputan; ari eta cai sumangga ku sampean geura leueut, sarta kapayunna muga -muga sampean ulah rek lali kana paribasa iyeu: saha-saha nu lěngus ka sasama hirup, tangtu dibalės lěngus deui.