Aya careuh kaduwa anak, ti peuting asup kana paranje bayam, seubeuh ryatuan, jago, bikang jeung anak-anakna geus patulayah. Careuh anak sěja meyakkeun hayam saparanje, bapana nyarek: Karep manch kitu hanteu hade, rewog sarla hawěk, hanteu niyat ngagehan, pedah aing geus kolot nyaho di hade goreng, jadi leuwih bade montong dibeyakkeun kabeh, anggur balikan deui bae peuting isuk. Anakna ngawangsulan: Karep kulamah rek dibeyakkeun ayeuna bae, lamun kitu karep bapa lain pinter, asup bodo, karana lamun peuting isuk dibalikan deui, tangtu nu boga ingon-ingon iyeu geus caringcing, sabab geus nyahuun lampah urang ayeuna, tangtu isukan mah ngintip, ngarah ka urang; kula mah supaya seubeuh ayeuna bae, kapake dalapan poweeun hayang nyatu. Sanggeus ngomong kitu, pada ngalajur karepna, careuh anak rosa nyatuannana, heyak ka tulang-tulangna, něpi ka kaměrkaän, tuluy pach. Careuh kolot tuluy balik, ari reup peuting balik deui kana paranje tadi teh, sěja ngajujur karěpna, nu boga paranje geus. caringcing, nyumput di balik panto lawang paranje teya, bareng rek bijil, careuh teh diteunggeul tuluy paeh.

Hartina iyeu dongeng: jalma sapangkat-pangkat umurna pada boga kacacad: nu ngora tara seubeuh ku kabungahan, karepna ngan hayang seubeuh saharita bae, arang-arang nu ngora mikirkeun ka bareup; nu kolot tara beunang diingětan ku nu ngora, rasa maneh geus reya luwang; nu kitu pětana salah duwanana.