Careuh Ucing Jeung Meyong Tutul

Aya careuh jeung ucing, patingaliděr lumaku jauh bari ngaromong. Nu diomongkeun bab adil jeung runtut sarta pada ngomongkeun kasalahan eta duwa parakara: maling jeung maehan; geus ditětěpkeun panggěde gědening lampah goreng.

Keur ngomong keneh kitu, nyaho yen aya meyong tutul nyatu émbe, careuh nenjo kalakuan kitu, kacida nyawadna, pokna: Panggoreng-gorengna kalakuan nu sok ngahakan sato nu teu boga dosa, kami mah tara kitu; beunang disebutkeun eta si meyong-tutul sato panggorengna, pangodohna, pangděngkina.

Salilana ngomong kitu, lampahna beuki deukeut ka lěmbur, didinya nenjo hayam bikang hiji, loba anak-anakna, careuh gancang ngarontok kana hayam bikang teya, sarta tuluy dihakan; děmi ucing nurutan polah careuh teya, tuluy ngarontok anak hayam, sarta dihakan; mangsa harita kautamaännana, kapintěrannana jeung kasalahannana pada leungit.

Hartina: manusa hayang kacida ngageunggeureuhkeun kaluluputan atawa kagorengan anu liyan, kari-kari awak sorangan ngalampahkeun, uteuk tongo dina tarang batur kanyahoan, gajah děpa dina punduk teu karasa.