Duwa Ciung
Dina hiji taun parĕng katiga bangět, reya tatangkalan hanteu baruwahan, aya duwa ciung, kacida langlayeuseunnana nahnay teunanganeun. Lemek ka baturna nu jagjag keneh: Batur coba ngajajal hiběr, nguběng saiděr deui bae, sugan aya bubuwahan, supaya urang ulah kacida teuing nya lěsu, sugan meunang tanaga; tapi lamun maneh manggih bubuwahan, kami kudu dikirim saeutik-eutikeun; mangka gancang bisi dewek kasěděk paeh langlayeuseun. Nu rada jagjag teh sanggup rek ngirim, lamun manggih rějěki sarta manggih bagja.
Tuluy hiběr neyangan tatangkalan nu buwahan, parĕng manggih jambu boöl keur buwahan sĕrta geus asak kabeh, omongna: Lah dalah kami jeung sobat meunang pitulung. Sanggeus ngomong kitu, eunteup dina tangkal jambu teh, bari tonggoy nyatuan buwahna, něpi ka seubeuheun; lilana dina tangkal jambu sajam. Srengenge rek surup, ciung geus rek niyat balik jeung rek ngirim ka baturna. Mangsa harita ngarasa teunangan keneh, sarta ingět bae kana buwah jambu nu arasak, nu matak kabita, lila-lila tuluy kaheësan. Ingětna geus isuk deui, tuluy bae hiběr ngajugjug ka enggon sobatna nu langlayeuseun teya, bareng kapanggih, geus paeh.
Jělěma eta ari geus manggih bagja tara ingět kana picilakaeun atawa kasusahan nu sejen.