Bumi dalěm Tuměnggung Jayaprayatna gěde, prabotna sae kacida. Dina hiji mangsa dalěm Tumenggung rek ngarsakeun aměngan, wuwuruk ka rencang awewe, ngaran nyi Měntik, lahirannána: Kami rek aměng-ameng, lawang imah kunci ulah mangka buka, maneh geus rěměn diparentah kitu, sok tara nurut, sugan sakali ayeuna mah ngadenge kana parentah aing; lamun teu dikunci, bisi aya nu nyayab, nyokot barang dangdannan aing. Wangsulan nyi Měntik: Sumangga diestokeun pisan timbalan. Dalěm Tuměnggung tuluy angkat aměng-aměng; dalěm geus jĕngkar, nyi Méntik tuluy ka sumur ngala cai, lawang-lawang bumi digěblagkeun bae cara ka tukang-tukang, omong nyi Měntik: „naha di lulurung bět taya jělěma hiji-hiji acan, anu tembong; kacida teuing dalěm rempan manah. Sabot ngomong nyi Měntik jeung budak awewe di sumur, aya ěmbe badot asup ka jěro bumi, nyampeurkeun kana eunteung gěde, nu nanggeuh kana bilik tembok; tembong rupa ěmbe di jěro eunteung, marukan ěmbe enya, tuluy rek diteunggar, barěng ěmbe ěnya ngawahan, eta kalangkang na nurutan, beuki tarik ěmbe énya teh neunggar kaca, rěmuk pisan. Barěng nyi Měntik rek balik ti sumur, keur ngajungjung kělenting, nyi Měntik ngadenge sora nu ngagěmbrang sada kaca, gancang asup ka bumi, ari nenjo kalya geus rěmuk, nyi Měntik ngarameusan leungeun sorangan, tuluy ěmbe dibuburak, sarta bari digěbugan, ari kaca tea mah geus teu hade deui, tonggoy bae rěmuk.

Barĕng dalĕm Tuměnggung mulih, nyondong kaca geus rěmuk, bawaning bangět běnduna ka nyi Měntik, tuluy bae ditundung, sarta bayarannana teu dipaparinkeun, sabab jadi siksaän kana lalaworana, teu ngestokeun parentah, matak nungtun bae karuksakan. Watěs harita nyi Méntik ati-atina tara kungsi dititah deui meundeutkeun lawang, tina geus kabukti lalawora nu matak jadi balaina.

Paribasa: nu anom-anom kakara caringcing jeung tambah pintěrna, kudu geus manggih katiwasan.