Kiyai Děmang Wira nagara sumping ka sejen lěmbur, kulěm dina pondok sewa, mundut tuwang sangu, angeun jeung ěndog. Barěng geus cumawis, ěndog hiji dibeulah, di jero aya kukular hideung, ěndog sejen nya kitu deui. Jělěma di lěmbur eta kabeh sakur nu nenjo ěndog, pada heran kacida, sarta pada ngomong: Nya aheng eta endog teh!

Kiyai Děmang gumujěng bae ngadangu nu micatur ěndog, tuluy mariksa ka nu ngahaturanan suguh; iyeu ěndog beunang meuli ti saha? Haturna nu dipariksa: Beunang kuring meuli ti anak tukang sapu ngaran pun Kandung. Tuluy si Kandung dirawatan, ari geus datang si Kandung tuluy dipariksa, saur kiyai Děmang: Maneh sok maling endog teh, karana iyeu geus kabuktian, ari ěndog anu aing mah moal burung kadongdon, masih dipaling oge, sabab aya cirina, kukular hideung, eta aing nu boga akal kitu, sabatur aing mah ěndogna geus ditirukan ku jarum bae kabeh. Tuluy si Kandung ditangkép diserenkeun ka pabuwen.

Hartina: sapintěrna oge maling, hamo hurung katitik tina leuleutikan.