Aya tukang mikat manuk galatik, jontrotna teu cicing-cicing, disada bae bari nyisilan pare; galatik kenca katuhueunnana pirang-pirang nu ngadenge. Gancang pada nyalampeurkeun pamikat. Barĕng datang kana pasangan pikat, manuk nu loba teh pada ngomong: Reya tĕmĕn pare didiyeu, jeung kami pada dicĕlukan nyatu ku kanca, sarta omongna manis, lah hayu urang pada moro kaditu.

Barěng asupna kana kurung pamikatan, saäyaną, galatik beunang kabeh, sarta bakal manggih pati. Dina mangsa harita, ngan galatik nu hanteu daekeun deukeut, nu hanteu beunang teh. Jontrotna nanya: Saha nu mapatahan pintĕr ka maneh, sabab teu daek deukeut kadiyeu? Wangsulannana: Bapa kami nu mapatahan; kiyeu mapatahannana bapa teh: Agus lamun maneh dieneng-enengan bagja gĕde, nu gampang hasilna, mangka pĕryatna, karana alamat hanteu pibageureun.”

Hartina iyeu dongeng: jalma masing awas kana pangwujuk; ari pangwujuk teya, tangtu manis, tapi mangkena tangtu kaduhung.

__________