Huwi Boled
Aya jělěma miskin urang lěmbur, di kebonna mělak huwi; bareng dikali, manggih huwi leuwih gěde sahiji, matak kaget anu reya, omong urang lěmbur teh: Iyeu huwi urang haturkeun ka juragan Děmang bae, mowande bungaheun, karana kiyai Děmang tangtu bungaheun ningali rahayatna gětol, urang meureun dilahirkeun jělěma daekan makaya, nyawah, ngěbon.
Tuluy huwi teh dibaktikeun ka kiyai Děmang, kiyai Demang atoheun sarta nu bakti huwi teh dipuji daekan makaya, sarta dilahirkeun hade atina, dipaparin duwit sarupiya.
Di lěmbur eta aya nu sugih, tatapi kacida pisan cěrědikna, ngadenge beja yen urang lembur aya nu bakti huwi sahiji ka kiyai Děmang, dipulang duwit sarupiya; cek nu sugih teh: Ari kitu mah, kami oge rek ngabakti hiji anak sapi nu alus, nu seba huwi hiji dileler duwit sarupiya, kami mah komo, meureun tampa gěde kacida, sabab ngabaktian anak sapi alus. Tuluy anak sapi teh disanggakeun ka kiyai Děmang, tatapi kiyai Děmang teu samar, sababna nu matak bakti, eta jělěma cěcěl cěrědik ngadak-ngadak ngawawuhkeun maneh, hayang loma jeung kami, tangtu aya pangarahna.
Kiyai Děmang teu kérsaeun dibaktian sapi, nu sugih teh ngaděsėk-děsek ku hayangeun katampa pangbaktina, kiyai Děmang ngawangsul ka nu bakti sapi teh, saur kiyai Děmang: Ari keukeuh mah hayang ditampa ku aing, seg ditampa ku aing, sapedah maneh hayang loma ka kami, kami nya kitu deui bakal loma jeung maneh, ayeuna maneh rek diganjar, gěde manan harga sapi teya ganjaran ti kami, kira tikěl tilu lobana harga ganjaran. Barěng geus nyaur kitu, kiyai Děmang tuluy masihkeun huwi nu gěde teya sahiji, itungan nu kasěbut ganjaran. Nu sugih teh kaget sarta hanjakaleun kacida, teu nyana kitu pamulangna.
Hartina iyeu dongeng: jělěma nu hade atina moal kosong manggih ganjaran, jělěma gěde teuing pangarah, supaya untung maneh bae, luwangna sok manggih rugi sarta era.