Jĕlĕma Duwa Leumpang Manggih Kantong Dieusi Duwit

Aya jělěma duwaän leumpang babarěngan; nu hiji teu lila ngarongkong, aya nu dicokot tina taneuh, ngomong ka baturna, pokna: Iyeu tenjo kami nimu kantong dieusi uwang.

Baturna ngawangsul: Lamun jělěma leumpang babarengan jeung batur, di jalan manggih naon-naon, běněrna lain kitu pokna, kudu: Iyeu urang pada manggih kantong dieusi duwit, sarta duwitna parokeun. Wangsulan nu nimu: Hanteu hayang ngomong kitu, da saěnyana kami anu nimu teh. Sanggeus kitu, hanteu lila ngadenge sora jělěma, alok-alok kasěbrotan, pokna: Cekěl jělěma nu nyěbrot kantong duwit. Nu nimu kantong teh ngomong: Duh batur urang jeung silaing duwaän bakal katiwasan, tangtu kabuktian, kantong disěbut beunang nyěbrot. Baturna ngawangsul: Běněrna ayeuna silaing ulah ngomong kitu, nyambat-nyambat ka dewek, kudu nyěbut: ayeuna kami bakal katiwasan, karana kami ayeuna ěmbung kabawa-bawa ditangkěp, da tadi oge basa nimu ku maneh hanteu dibawa-bawa.

Tungtungna nya eta jělěma nu nimu kantong ditalian teh, sabab kabuktian; baturna teu pisan nulung, malah puwaseun bae. Hartina iyeu dongeng: ari leumpang babarěngan jeung batur kudu sapapait samamanis, lamun ěmbung mere mamanis ka batur, ulah hayang dibelaän papait.