Keur mangsa aya pěrang gěde loba sěrdadu arasup ka pilemburan, marentah dituduhkeun jalan. Dina eta lěmbur aya hiji somah miskin, dititah nuduhkeun jalan. Keur waktu harita pareng tiris kacida, sarta anginna ngagělěbug, nu miskin teh nginjeum jas nu kanděl ka urang lembur didinya, tatapi teu aya nu mere nginjeumkeun, ngan aya hiji jalma asalna jalan buniyaga, jalma kakaburan pěrang, cicing di lěmbur eta, manday, ngan eta nu wělaseun ka ki miskin, nginjeumkeun sahiji jas geus buruk. Sěrdadu tdeluy leumpang. Ari ti peutingna aya upsir hiji calik ka lěmbur eta, panganggona sarwa hurung-herang, sarta nganggo bintang, mundut dituduhkeun kana imahna nu nginjeumkeun jas teya ka nu miskin nu nuduhkeun jalan teya. Barěng datang ka imahna ki panday, ki panday nenjo upsir tuluy ngagowak pokna: Aduh anak aing! bari dirangkul digalekan. Upsir teh nya eta anak panday , asalna asup jadi sěrdadu, lawas-lawas bawaning leuwih akalna jeung hade gawena, sarta kěnděl wawanenna, něpi ka dipangkatkeun upsir; ari bapana tadina jadi panday di lěmbur gěde, tapi anakna geus teu nyahuun di beja-beja acan, ngan teu pangling nenjo kana jas geus buruk, nu dipake ku nu miskin teya, jeung ngadenge caritaän eta nu miskin, yen bapana měr-nah di lembur eta. Bapa jeung anak pada careurik, tungtungna jadi leuwih bungahna.

Batur-baturna nu aya didinya pada cipanonan. Upsir teh mondok sapeuting di imah bapana, ngomong blas datang ka beurang, ari rek mangkat ninggalan duwit ka bapana, bari nyanggupan, yen bakal ngagajih.

Jalma nu aya di lěmbur eta pada ngomong kiyeu : „ eta panday asalna boga kawělasan, nu matak diwělasan ku Gusti Allah, dipapanggihkeun jeung anakna, nu bakal nyait tina kamalaratannana.”

Hartina iyeu dongeng: saha-saha nu rěsép nulungan anu kasusahan, tangtu aya wawalěsna, pitulung Gusti Allah.