Ki Jalidin anak jělěma malarat, jadi pangangon sowang urang lěmbur, ari dadaharannana kejo pabaur jeung bangsal, lalawuhna babarangan bae, ari nginumna unggal powe ngan cai bae, papakeannana badag sarta geus lusuh, kacida pisan ngěněseunnana sarta aral, malah ngomong ka ki Dama, ari pokna: Dama maneh jeung dewek kaäsup kana jělěma cilaka, sapowe jěput ngan nutur-nuturkeun jeung ngaraksa sato; nu hese diinguna, ari diingonan ngan saeutik, tamba langlayeuseun, supaya bisa hirup bae, satěgěs-těgěsna jělěma anu sugih eta leuwih bagja, ngungkulan maneh jeung dewek; nu dihakan nu diinum ku nu sugih-sugih mirasa kabeh, papakeannana aralus sarta sadiya, imahna nya gěde nya alus, teu susah nyabak gawe. Kakarek sakitu ngomongna ki Jalidin, disěla ku ki Dama, kiyeu pokna: Ari anu sugih teya, nu dicaturkeun ku maneh, disěbut bagja, ari rasa dewek mah teu bagja, tacan lawas dewek ngadengekeun omongan jělěma nu sugih-sugih, eta loba nu tacan tibra pikirna ku kasugihannana, atawa ku dadaharan ngeunah, sumawonna ngaleueut ngeunah; ěnya kurang digawe, sabab tina rěměn gěring, ari maneh yeung dewwk cageur bae, ěnya bae teu nyatu nu ngeunah, teu make nu alus, tapi upama nyatu sahuwap nginum sarěgot, cukup reujeung běrkah; ari papakean geus sěděng sakiyeu bae alusna, geus nimbangan kana pagawean anu keur dilampahkeun ku urang, ti peuting lamun heës ngeunahna sok rěměn tětěmbangan, němbangkeun wuruk guru dewek, kiyeu sebutna:

MIJIL.

Jělma ulah panas ati teuing, hanteu paya nenjo, batur bagja sok jadi panastren, kudu sukur ka kërsa Gusti, jeung jėlma nu sugih, teu beunang disěbut.

Jalma bagja krana anu sugih, reya nu teu pětot, ngarep-ngarep tambah sugih bae, tégěs bagja jalma nu tiïs, nu taya karisi, ngeunah nyatu-nginum.