Aya hiji jělěma randa, leumpang di sisi cai teu jaub tina imahna, mawa anakna leutik keneh duwa, ngaranna nu hiji si Jěndul, nu hiji deui si Saminah, rek ngalasan dangdaunan. Barěng datang ka sisi cai, nyi randa lemek ka anakna: Maneh caricing didiyeu arulin, aing rek ka handapeun gawir cadas gantung, rek neyangan dangdaunan. Tuluy nyi randa leumpang ka handapeun cadas gantung teya; tacan kungsi lila ngadenge sora anakna awewe jerit-jèrit, geuwat diboro ku nyi randa, si Saminah pupulih bari ceurik: ěmbok aya oray rek ngegel ka kula! Si Jěndul seuseurian: Lain oray eteh, kadal lumpat nyirindil nyusup kana ruyuk eta.

Nyi randa ngomong ka anakna: nya kadal eta patutna hejo sarta herang, tapi tara daekeun macok jělěma. Sapanjang ngomong kitu ka anakna, cadas gantung teh urug, sorana ngagurudug jėgur, nyi randa jeung anak-anakna kaget kacida, omongna: ěh nyai, hayu urang pada sukur kana pitulung Gusti nu maha suci, jalanan tina kadal Gusti Allah masihan pitulung hirup ka si indung; saupama taya kadal anu matak ngajèrit si Saminah, pinasti aing paeh katindih urug.

Hartina iyeu dongeng: sing-saha nu pasrah ka Allah sarta ngarép-ngarép pitulungna dina sajěroning balai, eta tangtu diraksa sarta salamět, pitulunging Allah tara kanyahoan jalanna.