Aya kapiting duwa, nu hiji geus kolot, nu hiji deui ngora keneh; nu kolot teh ngomong: Maneh leumpang ulah sok miring, kudu mangka jĕjĕg.

Wangsulna nu ngora: Ari hayang mah panteg leumpang jějĕg teh, tapi ari prak dilampahkeun teu bisa, ayeuna kula cik wurukan ku sampeyan. Ana heg nyontoan miring deui bae.

Hartina iyeu dongeng: ulah sok ngageunggeureuhkeun pacacadan nu liyan, ari saruwa cacad mah.