Aya istri randa bangsa menak, bumina di pilěmburan, jauhna ti nagara lalakon sajam. Kalakuannana samemeh sare ngaos kitab heula; kitu luwangna unggal-unggal peuting. Ari sahiji mangsa, ti peuting samemeh sare, ngaos kitab, reya eusina wuruk-wuruk jeung dowa-dowa; bareng rek sare, eta kitab diteundeun dina meja leutik, tapi hanteu dilingkupkeun. Hanteu lila gurudug aya kareta ti nagara, mapagkeun, reh saderekna di dayeuh hanteu damang walės; tuluy menak istri jêngkar nitih kareta, nyandak hiji panakawan awewe, hiji lalaki.

Kitab tinggal muka bae dina luhur meja, nu tunggu bumi ngan aya hiji nini-nini geus pikun. Sajěngkarna istri randa, aya jurujana rek maling, sabab nyahuun yen bumi kosong, jurujana asup tina jandela, naekna make taraje, asup ka pasarean, sakama-kama ngungkalan barang-barang, milih nu gěde hargana; jurujana ngadeuleu aya kitab muka dina luhur meja leutik, kacaängan ku damar lilin, tuluy dibaca ku ki jurujana, unina:

„He eling-eling: saha-saha nu rumasa bakal manggih pati, „kudu ulah ngalampahkeun kagorengan, jeung saha-saha „nu hayang tiis pikir, ulah pisan niyat maling, awal ahir „tangtu kapanggih; hanteu kapanggih di dunya, di aherat tangtu kapanggih bae.”

Uni-unian kitu teh jadi ngahadekeun kana ati nu rek maling, jadi teu tulus barang-cokotna, tuluy bijil kaluwar teu barang-bawa. Ti watěs harita eta jělěma teu daek maling-maling deui. Barěngna rek paeh, lalampahannana baheula diwangsitkeun ka anak-anakna, bari di titah ngabakti ka gusti Allah.