Aya tukang bas duwa, ngaranna Dora jeung Sěmbada, reujeung leumpangna, ngaliwat kěbon sayuran. Sěmbada ngomong, pokna: Kang Dora coba tenjo itu kobis, nya montok nya alus. Si Dora hayangeun kobis teh, barina lemek: Eta kobis carek kaula mah tacan kasebut gěde, waktu kula leumpang kamari iyeu, manggih kobis hiji, gědena ngungkulan eta imah leutik, anu nangtung tengah kěbon.

Carek ki Sěmbada: Omongan matak heran kacida, aya kobis sagěde imah; tapi kula oge kamari ngabantuan anu nyieun kancah panggodogan, gědena sagěde masigit. Si Dora nanyakeun kancah sagěde masigit paranti naon? Ki Sěmbada ngawangsul: Paranti ngagodog kobis, nu ku maneh diomongkeun sagěde imah teya. Si Dora ngomongna sěmu era, pokna: Ayeuna kula geus ngarti pigaleuheun. Ki Sěmbada, sasarina ari ngomong sok sаěnyana bae, behna mah nyaritakeun aya kancah sagěde masigit teh, heureuy bae, bari ngawéwěleh ka kula, kula ayeuna geus tampa pamalės rahul: »samborong cek paribasa, „saha-saha nu teu boga kaera, geura ngalakukeun bohong, ari hasilna dipikageuleuh ku jělěma jeung diseungseurikeun„ kula ayeuna kapok.