Aya hiji kuda alus, teu kungsi lawas jadi kapibanda ku nu sugih, teu kakurangan hakan, jukut sumawonna pare; ari gawena hampang, unggal ditumpakan ku nu boga, matak heran nu neuleu sarta diaralěm ku jalma reya; beuki lawas beuki kolot. Barěng juragannana geus paeh, eta kuda dijuwal ku ahli-warisna ka sudagar, tuluy dipake momot. Kuda teh kacida prihatinna bawaning cape balas dimomotan, sarta susah ku hakan, dieutik eutik marabannana, jeung jukutua goreng, nu dihakanan ku kuda teh. Barěng aral ku papastenna, kuda momot baturna nyarekan ngawéwěleh, carekna: Kumaha nu matak aral teh, teu rumasa dewek jeung silaing teh dibakukeun kana momot, jeung deui teu rumasa diparaban, sababaraha lobana sato-sato nu beurat ku gawe alah batan urang teu burung hirup, ari silaing kacida pisan nya aral, matak wuwuh-wuwuh karuksakan awak bae.

Wangsulna kuda kolot teh: Běněr pisan omong maneh sakitu, tatapi kudu ka nu pantar maneh, lamun kami geus tabah ti ngongora mah dimomotan, tangtu lemek cara ucap maneh, ari nu matak jadi sukěr jeung teu kuwat ngalakonan lain papancen dewek, beda papancen tadi jeung ayeuna.

Hartina iyeu dongeng: tuman nu matak jadi kangeunahan, hese gawe ari tuman ti ngongora jadi hampang.