Aya kuya dina sisi ranca, nenjo waliwis sakurěn. Bareng rek hiběr ka darat digeunggeureuhkeun ku kuya, carek kuya: eh bagja těměn maneh, bisa nyaho kamana-mana, lain cara kami udar-iděr deukeut bae. Wangsulan waliwis: Lamun maneh hayang nyaho kamana-mana, seg kami daek nulung mawa ka maneh, tatapi saratna kudu ngegel kai leutik panjang; digegelna mangka malang dina pamatuk maneh, supaya beunang dibawa hiběr. Kuya teh reya-reya bijil omongna narima ka waliwis, sarta nurut saparentahna ngegel kai; ari congona kai teh digegel ku waliwis kenca katuhu, tuluy dibawa hiběr; bareng něpi kalebah pilemburan, jalma nu nenjo pada heran, tina kakara nyaho anu kitu pětana, jadi disebut aheng; kadenge ku kuya pamuji jalma teh, langkung-langkung bungah sarta ngomong: satěměnna mah hanteu aheng. Ngan kakara sakitu omongna, geus teu bisa deui ngomong, sababna lesot ngegelna ku ngomong tadi, tungtungna kuya teh ragrag, rěmuk pisan, balai nu kapanggih, jalanna nganteur kahayang jeung suka dipuji.

Hartina iyeu dongeng: manusa eta kasěbut cilaka, lamun dibeyakkeun teuing pikareupeunnana, anu hanteu pisan pernah kana dirina, hayang ngarah tibra kana pikirna, tina kareyaän teuing angkoh, seg bae manggih balai.