Aya hiji lĕmbur, pakarangannana dikubĕng ku pagĕr. Keur mangsana tatangkalannana usum kĕmbangan, seungitna kĕmbang kaãmbeu kaluwar, sarta reya manuk warna-warna nu nyeuseupan kĕmbang salĕganing pakarangan eta. Keur usum buwahan buwah kaweni, rambutan, dukuh, sagala bubuwahan leubeut datang ka gemplek. Barěng budak pilěmburan sok daek ngala manuk, disumpitan jeung diala sayangna, lawas-lawas beuki carang manukna, tungtungna budal kabeh manukna, siyeunneun disumpitan, taya hiji-hiji acan di pakarangan eta, datang ka geus teu kadenge sora-sorana acan. Sanggeusing kitu hileud mĕcah, napuk di unggal tatangkalan, datang ka reya no paeh tangkalna, nu hirup hanteu daekeun buwahan, daunna rigil dihakan hileud; ari keur loba manuk di dinya taya hileud, sabah beyak dihakanan ku manuk.

Hartina dongeng iyeu: ulah gancang numpurkeun sato-sato, nu dikira jadi hama, bisi jadi tambah hama nu leuwih goreng ti batan eta; kudu pikir heula pitěmaheunana. Cara eta caladi jeung beker, geus tetela ngahakanan hileud di sawah sĕrta hileud tatangkalan, lamun diruksak eta manuk, sasat ngaruksak diri pribadi.