Manuk Cangkurileung Jeung Kaak

Aya manuk cangkurileung hayangeun nyaho di tanah sejen, disanggupan ku manuk kaäk, tuluy pada hiběr, ngaliwat sagara, muru pulo nu aya leuweungan, geus tembong, tuluy dijugjug, sarupaning manuk dina leuweung eta pada ngarubung kana manuk dua nu anyar datang, pada hayang nyaho rupana. Manuk anu geus pada papanggih pada kaget jeung heran nenjo rupana, alus hideungna, gilap buluna, manuk mangkuk pada nitah disada, saharita geus pada bungah-bungah hayang ngadenge sora manuk nu hade rupana, kacida pangeukeuh annana nitah disada kana kaäk, tuluy disada; bareng kaäk disada, manuk anu kacida tadina kaget jeung heran, sanggeus ngadenge sorana, leungit heranna sèrta pada nyěbut hanjakal ku sora kaäk, ari patutna alus sorana teu ngeunah, teu bisa ganti-ganti sora teu matak heran; ari tadina pada ngalěm bae kana rupana, tungtungna pada nyeungseurikeun, pada moyok. Sabot pada ngarubung kaäk, cangkurileung mah taya nu ngaku-ngaku acan, tina rupana bělěwuk, teu matak pikarėsepeun. Cangkurilěng ngageuwat disada, kadenge ku manuk pribumi, sakur nu ngadenge pada kaget pada heran, carek manuk mangkuk teh: Tah sora matak ngadatangkeun kabungahan, tina sorana ngeunah jeung bisa ngajombali, atawa ganti-ganti laguna, malah anu sok panastrenan oge rěsepeun, moncongok ngahuleng ngadengekeun cangkurileung disada, kabeh manuk-manuk nu aya di leuweung eta pada muji, pokna: Nyolong bade, goreng rupana ngeunah sorana, tikěl sapuluh rěsep ka cangkurileung manan ka kaäk. Ti harita cangkurileung pada ngajenan, kaäk dimomorekeun bae.

Hartina dongeng iyeu: jalma ginding hade jějěr geus tangtu ditaksir reya kabisana, ana geus katangen taya kabisa, dipoyok sarta dimomorekeun; sanajan jějěrna teu pati hade, taya banda, lamun boga pangabisa, tangtu diajenan sarta dipikarěsép.