Mendung Powek
Mangsa dina hiji powe waktu asar, měndung powek, ngalamatan rek hujan gěde, urang lembur ngaran Wirapatra ngomong ka tatanggana, ngaran Nayawangsa, pokna: Nu katenjo ku sampeyan itu měndung powek saluwarna, taksiran kawula rek hujan gěde, cai wahangan geus gěde, moal burung caäh, kawas rek ngijih, cara nu geus kalampahan, datang ka ngeueum pasawahan, matak ruksak kana pěpělakan; kumaha akang lamun kalakon caäh deui, pikumahaeun sampeyan jeung kawula, sarěng anak-anak kabeh, saupama katiwasan pěpělakan, taya pisan anu bakal dihakan? Nayawangsa ngawangsul: Adi taksiran kakang mah hanteu térus jeung taksiran adi, pěrkara měndung enya rek hujan ta mah, tapi moal gěde. Bareng pada keur ngomong kitu, teu kungsi lila angin ngagělěbug, lěs bae leungit hujan teh, jeung měndungna leungit, teu tulus hujan gede.
Misilna dongeng iyeu: sarehna manusa teu dipasihan kaleuwihan ku Gusti Allah nyaho di kalakuan sagala nu tacan kasorang kalampahkeun, ngan wajibna kudu pércaya bae, ulah cangcaya ka Gusti Allah, sarta kudu digawe ngalakonan wajib, ulah rěsép totorahan.