Aya budak lalaki duwa, anak nu tatanen, arulin di sawah bapana; budak nu hiji ngomong: Itu pare geura tenjo, nu geus tungkul jeung nu tanggah keneh, nu keur tungkul sĕmu alum, hanteu hurip cara nu keur tanggah keneh!

Budak nu hiji deui ngomong: Kolot teya bae kitu, coba dewek jadi bapa, eta pare nu tungkul teh dirabutan bae dipiceunan kabeh, tinggalkeun nu tanggah keneh.

Bapana ngadenge budak keur ngaromong, carek bapana: Beu, hade pisan pirĕmpug maneh nu kadenge ku aing, eta, lamun maneh teu nyaho, eta goreng pamumule maneh, teu nyaho di anu hade; pare nu teu dipikaresep ku maneh, nya eta pare nu hade; nu matak tungkul bawaning bĕrateun ku beyas, ari nu taranggah eta gabug kabeh; mangka waspada anak aing kabeh, adat watĕk jĕlĕma nya cara pĕtaning tanduran aing pare; jĕlĕma taya kanyaho, angkeuhna rek ngungkulan ka nu boga pangabisa.

__________