Aya hiji budak ngaran si Landung, suka bungah, sarta uwar-uwar ka dulur-dulurna awewe lalaki, pokna: Powe isuk riyungan, indung ngopor měri, mangke sore bakal nyatu-nyatu ngeunah jeung opor. Barěng geus usumna dahar, eta budak-budak jeung dulur-dulurna kabeh ngariyung, geus teu sabar ngadagoan asakna opor. Nu keur masak lemek ka budak-budak ngariyung teh: Agus mangka sabar, satengah jam deui oge asak opor teh! Barudak teh bawaning teu salabar, pada careurik. Eta nu keur masak boga akal, ngarah repeh nu careurik, ngomong: ulah narangis, di luwar eta aya ririwa, lamun ngadenge budak ceurik, tuluy dicokot. Eta budak-budak nu keur careurik hanteu siyeuneun beuki bědas ngagowakna, ngadéngek-děngek, menta opor. Nu keur manggang opor, dijait panggangna, diasongkeun ka panto barina lemek: He gandarwo iyeu cokot opor! Mangsa harita pareng aya juru-jana di luwareun panto, ngaděděmpes, sějana rek maling, nenjo opor diacungkeun, tuluy ditampanan bari ngomong: Nuhun! Opor ditewak dibawa lumpat.

Budak-budak eyar patingdarěngek; indungna datang; barěng nyahuun yen oporna leungit dibawa ku jrujana, indungna lemek, pokna: Barudak, maraneh ayeuna manggih hukuman, jalan tina basangkal maneh, peuting iyeu maneh bakal hamo nyatu opor, kudu nyaratu kejo wungkul bae. Tuluy ambu Landung mapatahan ka eusi imahna: kami geus rěměn pisan lemek ka maneh, carek kami oge ulah sok nyingsiyeunan budak, sarehna akal maneh teu hade, matak leungit opor, jadi katěmpuhan, bayaran maneh bakal dicangkolong sarega opor, Hartina iyeu dongeng: budak basangkal hanteu sabar, rěměn manggih kasusahan, budak sabar rěměn manggih kangeunahan.