Aya hiji budak lalaki ngaranna ki tilu wělas taun, sějana hayang jadi tukang mapas umur kai. Ari geus lawas hayangeun jadi tukang prabot kai-kai alus, tuluy dianteur karepna ku bapana, diasupkeun jadi baturna ki lurah bas, nu geus kasěbut bisa sarta alus jijieunannaņa. Bareng keur aya di jěro imah lurah bas, ki Alim kacida heran atina, nenjo dangdanan warna-warna sarta aralus, jiyeun eta ki lurah bas, jeung jieun batur-baturna nu geus rupa korsi, meja, atawa kenap; sarupana dangdanan pinuh di imahna ki lurah bas, omongna ki Alim: kami lamun geus bisa dangdan cara kitu alusna, bungah těměn ati kami. Nyaur ki lurah bas ka ki Alim: Lamun těměn pikir maneh hayang bisa, kudu daekan sarta kudu titen kacida kana rupaning dangdannan, ngarerekepna, tatahannana atawa ngancingna; laun-laun oge bisa. Ki Alim unggal powe digawe di imah lurah bas, ki Alim ngomong di jero ati: "kami lamun boga imah cara kiyeu alusna bungah těměn nya ati.” Barěng ki Alim nyaho yen lurah bas tampa duwit loba sarta nyaho pameulina kai, nu dipake dangdanan, pikirna ki Alim: "kami lamun geus jadi lurah bas bungah těměn nya ati.” Unggal powe ki Alim kitu bae pamujina, ki Alim teu rumasa yen pamuji kitu taya pedahna, sabab ngan muji bae hante jeung pek digawe, sumawonna nitenan salang-surupna eta dangdanan, teu pisan ngalampahkeun; ari pangarahna hayang bisa ngan daek muji bae, ari kana gawe ěmbung nitenan.

Těgěsna dongeng iyeu: saha-saha jělěma nu cěpět běněr nitenan rupaning dangdanan, daekan těměn sarta wěkěl, tur asrah ka Pangeran, geus tangtu bae manggih bagja, lain pamuji nu ngabijilkeun darajat teh, pek lampah migawena.