Pancuran Jeung Jalma Lumaku

Dina hiji mangsa keur panas bangét aya hiji jalma keur lumaku, manggih pancuran herang pisan caina, jalma teh leumpangna gagancangan muru eta pancuran, tina bawaning panas kesangna lokot, tikorona tuhureun, hayangeun nginum; barang něpi kana pancuran, léguk nginum liwat ti urusan, teu lila karasa nyěri beuteung; jalma teh ngomong bari měncetan beuteung, pokna: He cai cilaka, saha nu nyana, yen iyeu cai baruwang, tina rupana herang matak kabita, teu nyana bět matak nyëri beuteung.

Pancuran ngawangsul: Maneh ngagorengkeun ka kami, ngangaranan baruwang, coba ku maneh tenjo sagala jukut jeung tatangkalan, sakur nu deukeut ka kami, kabeh pada harejo, marulus, nya kitu deui sato-sato sakur nu nginum ka kami, kabeh pada jagjag tangginas lalintuh, kanca maneh manusa ge pirang-pirang nu nginum kadiyeu, hanteu naon-naon, sabab maneh nyěri beuteung, tina tinggal pěryoga hanțeu ati-ati.

Hartina iyeu dongeng: sagala nu alus-alus, nu seungil-seungit, nu ngeunah-ngeunah, lamun métakeunnana tinggal duga jeung kira-kira sarta teu ati-ati, sok jadi nyilakakeun ka diri, sanajan cai jadi baruwang, ana nginumna hanteu jeung pěryoga.