Ambu Sarija sarėgép pisan kana gawe. Geus wanci surup panon-powe di sawah keneh jeung anakna duwa, ngaranna Sarija jeung Sarijah. Barěng datang ka imahna, geus aya nyaynyay damar di amben, si Sarijah kaget kacida, lemekna: Di imah taya jělěma hiji-hiji acan, saha eta nu nyeungeut damar teh?Moal saha deui nu pinyeungeuteun damar teh, taksiran kami mah bapa, kitu carekna Sarijah, tangtu geus mulih ti dayeuhna. Tuluy bapana ditareyangan, teu lila kapanggih, eta budak duwa pada bungah-bungah. Ari isukna bapa Sarijah ngarit ka tegal léga, anak bojona marilu, panon-powe bengras kacida, budak duwa pada bungah-bungah; bapa Sarijah ngomong ka anak-anakna: Tadi ti peuting maneh pada bisa naksir, yen aing ditaksir nu nyeungeut damar, ayeuna maneh nenjo srangenge, cik nyaho di nu nyeungeutkeun?

Si Sarijah ngawangsul: Kawula nyaho bapa, nu nyeungeutkeun teh satėgěsna Gusti Allah. Omong bapana: Najan damar oge teu daekeun hurung sorangan, geus puguh srangenge nya kitu deui. Tégěsna dongeng iyeu: wanci beurang tembongna srange nge guměbyar teh, nganyatakeun kaähengan jeung kudrating Allah.


Hiji powe mangsa ngijih, aya budak awewe, ngaran nyi Misah, ngomong pokna: Panon powe teh naha mun tembong, supaya caäng ulah haleumheum teuing, panědana nyi Misah kaparéng laksana, něpi ka lawas teu hujan-hujan, panas bangět pisan, matak ruksak pěpělakan, di sawah di těgal, malah pěpělakan nyi Misah, kěkěmbangan alum kabeh.

Indungna lemek: Misah ayeuna kanyaho maneh geus tetela, yen hujan yeung panas eta saruwa perluna. Mungguh manusa nya kitu keneh, lamun manggih kasěnangan bae, teu pisan manggih kasusah, sok teu hade tungtungna, sabab umat eta hade kasorang ku sangsara jeung ku balai, supaya jadi kaslamětan.

Hartina iyeu dongeng: kérsaning Allah nurunkeun hujan, ngayakeun panas bangět, ngaganjar salamět atawa ngaganjar balai, eta kabeh leuwih hade, teu beunang dicawad ku manusa.