Aya peucang keur ngariyung reya pisan batur, gawena keur mirěmpug pěrkara karisina, teu pětol-pětot manggih kasusah sok dioyak-oyak ku anjing. Nu hiji ngomong pokna: He batur-batur kabeh, kumaha pedah urang teu pětot-pětot manggih kasukěr, dioyak -oyak ku satru urang, nu taya pisan rasrasannana karunya, urang kabeh geus diangkěn teuteundeunannana bae, wěnang dihakan sakarép-karěpna; ari pirěmpug kula, leuwih hade urang barěng paeh bae, manan hirup kiyeu mah sa umur-umur, ngan ngandung karisi bae, hayu urang ngunclungkeun maneh kana situ bae, di dinya minangka kubur urang.

Baturna kabeh rěmpug, geus pada ihlas atina, rek pada neuleumkeun maneh kana situ nu deukeut ka dinya, tuluy pada lalumpatan, muru kana situ teya, ngaguruh patingkarěbět patingkorosok, matak kaget bangkong-bangkong, nu pada aya di sisi situ; eta bangkong-bangkong pada giras laluncatan naringgangkeun maneh kana cai.

Peucang ngadarenge sora patingkarěcěmplung ka cai, nu hiji ngomong: He batur-batur eta sora naon patingkarěcěmplung, kawas aya sato nu sariyeunneun ku urang?

Baturna nembal: Enya bangkong laluncatan, siga siyeunneun ku urang, tur urang teya taya pisan pangarah ka dinya, palangsiyang urang nya cara kitu burungna, mastikeun anu tacan tangtu, waka niyat maehan maneh, ku sabah siyeun dipaehan ku batur; jadi urang leuwih hade sabar bae sarta ati-ati, supaya ulah kabongohan ku musuh.

Hartina iyeu dongeng: salawas hirup kudu ati-ati ulah kasorang ku prihatin, tatapi lamun geus manggih prihatin, kasusahan gěde cara kumaha oge, ulah rek mutuskeun paněněda, jeung kudu ingět tangtu aya nu ngungkulan deui kana kaprihatinan urang.