Dina hiji powe aya singa-barong hiji, kacida ambĕkna, lulumpatan bari asup bijil tina leuweung, barina ngagĕro sĕsĕgor, sato-sato pada giras siyeuneun. Kadenge ku rambĕtuk, garetekeun kacida ka singa-barong, rambĕtuk ngomong: Matak ngewa teuing ku singa-barong, cacakan kami lamun pĕrang di mana bae kapanggihna, wani bae diadu pĕrang tandingan jeung singa-barong. Singa-barong ngomong barina seuri sarta ngahina, pokna: Montong nyapluk siya rambĕtuk! Gancang bae hibĕr, tuluy asup kana liyang, irung singa-barong, bari nyocoan di jĕro irung; singa-barong teh ambĕk kacida bari nyakaran huluna bae, datang ka rawek, raraheut, baloboran, gĕtihan; ari geus karasa nyĕri, singa-barong tobat, bari ngaku yen eleh.

Rambĕtuk teh bungah kacida tina sabab meunang pĕrangna, bijil tina irung singa-barong, tuluy hibĕr; karĕpna rek uwar-uwar ngabejakeun meunang pĕrangna jeung singa-barong, samalah pikarĕpeunnana sato-sato oge rek dibejaän kabeh, tatapi bawaning rusuh teuing hibĕrna, rambĕtuk teh narajang rambat lancah, geus teu bisa usik, bakal manggih paeh di dinya. Rambětuk meunang sukĕr kacida, ari biyeu pĕrang jeung singa-barong, lain tanding, bisa meunang pĕrangna.

Hartina iyeu dongeng: jĕlĕma kumaki matak tereh meunang cilaka, sĕrta maneh lamun meunang padu atawa gĕlut, ulah sok susumbar teuing, masing ingĕt mangke di hareup aya nu malĕs, cara rambĕtuk tiwas ku ramat tataheunan lancah.

__________