Aya hiji budak lalaki, ngaranna si Sěmplo, kacida culikana, ngan sirikna tara maling, énya tara maling teya mah, tapi ari boga titimuan, sanajan nyaho oge di nu boga, eta nu katimu ku manehna, tuluy dipibanda bae. Wanci isuk si Sěmplo ngaliwat kaburuannana ki panday, manggih rante beusi ngagoler di buruan eta, si Sěmplo cungak-cingeuk ngaliyeukan jalma, bisi aya nu neuleukeun; barěng diliyeukan taya jalma, rante gancang dicokot, tapi dilesotkeun deui, sarta ngagowak kacida, ari eta rante satěgěsna panas keneh, nu matak diteundeun di buruan, ngarab tereh tiis; si Sěmplo leungeunna geheng; pandayna bijil, sabab ngadenge nu ngagowak, omong panday teh: tah leungeun maneh, nu sok culika teh, ayeuna geheng, nya eta ganjarannana pagawean maneh, ngarah ulah kungsi maneh manggih balai nu leuwih gěde.

Hartina iyeu dongeng: jadi pangeling-ngeling, nyingkirkeun cilaka anu digělarkeun ku panggawe masiat, sapěrti nu nyabak beusi beureum.