Keur wanci sore reungit tiriseun cicing di luwar, tuluy mubus ka jěro imah, ngarah haneut sakeudeung-keudeungeun. Mimitina asup ka imah leutik, anu urang lěmbur, didinya neuleu lancah, yen eta lancah jadi hama satru, sagala reungit kacida risina, hiběr pindah ĕnggon, asup ka bumi gědong. Ari geus datang kadinya, bungah kacida, nu sok ngarawe taya, pokna: Ngeunah nakěr haneut cicing di kamar iyeu, kami mowal bijil-bijil, matuh dina kamar iyeu něpi ka usum katiga. Barěng geus peuting, reya damar ratěng, caäng matak ngabungahkeun, tuluy hiběr-hiběran, ngurilingan damar teya, hanteu lila jangjangna karerab, reungit ragrag kana damar, tuluy paeh. Sumawonna bisa nyaho ka usum katiga deui, ka isukna oge hanteu něpi.

Hartina dongeng iyeu: lamun maneh geus bisa nyingkahan sahiji balai, ulah pisan-pisan nyipta, yen salamět ti sagala balai, karana mungguh nu hirup, sasat dikĕpung ku balai, saha nu weya, keuna.