Dina hiji powe srangenge ngajak prang tandingan ka angin, nu dipake pasanggiri atawa panayogyaän, saha-saha nu bisa ngahiběrkeun tiyung nu ngaliwat, nya eta nu unggul pěrangna. Mangsa harita angin ngagělěbug mawa hujan gěde, nu ngaliwat teh teu maju, balas ngomekeun tiyungna disingsětkeun sabisa-bisa nuluykeun lakuna, tiyung beuki pageuh.

Diganti ku srangenge anu mĕtakeun karosaān; parĕng ka těngah pisan sorotna, něnggěl panasna moreret, bengras kabina-bina. Nu ngaliwat tadi, mangsa keur ngagělěbug angin, ngan mageuhan tiung bae, ari katarajang panas, tuluy ngalaän tiung, sarta ngiyuhan handapeun kai gěde, srangenge bungah, sěbab unggul prangna.

Sagala kalakuan, lamun sareh sarta rapat, beunang ditangtukeun sok hade kajajadiannana; tikĕl sapuluh jeung nu heuras rěgas, ngajujur hawa-napsu.