Nyi mas ajčng Mandrawara kagungan putra istri hiji, kakasihna nyi mas Raraběruk, dipangdamělkeun raksu kan takwa encit alus, angguun gěmpungan, nu ngabědah tukang kaput. Bareng wanci surup panonpowe tukang kaput datang, nganteurkeun takwa geus anggeus dipigawena, tuluy dianggo ku nyi mas Raraběruk; meujeubna pisan taya kakirangannana. Kacida bungahna nyi mas Raraběruk. Saur ibuna: ěnggeus, geura nyokot duwit bae keur mere upah ka tukang kaput, tapi kudu mawa corong, sabab geus rada powek. Nyi mas Raraběruk tuluy asup ka bumi tapi teu ngestikeun wuruk ibuna, asupna teu nyandak corong, tuluy titajong kana jojodog, tisuksruk kana gěntong minyak, raksukan anyar lantis ku minyak; ibuna nyampeurkeun bari nyaur: Tah nya kitu jalma sok murang parentah, kitu kajadiannana! Isukan rek gěmpungan, ari maneh make baju geus buruk, lamun tacan něpi ka usum lěbaran deui moal wara dipangnyieunkeun deui baju takwa! Ramana asup ka bumi ngawuruk kiyeu saurna: Jalma goreng rěsép lumaku di nu powek, nyingkahan anu caäng, wawawuhan jeung nu bodo, nganggangan ka nu pintěr, eta tangtu bakal nyaho di kabuktiannana. Hartina dongeng iyeu: budak bangor, nu tara ngagugu ka papatah kolot, kajadiannana mangke kårasa ku manehna, geus bukti manggih tiwas atawa kawirangan.

Hartina dogeng iyeu: budak bangor, nu tara ngagugu ka papatah kolot, kajadianna mangke karasa ku manehna, geus bukti manggih tiwas atawa kawirangan.