Aya duwa budak lalaki, ngaranna nu hiji ki Sardi, nu hiji deui ki Jěndul, rek ulin ka pilěmburan. Bareng deukeut ka lěmbur anu disěja, manggih aki-aki. keur mělak pětetan buwah di pakarangannana sorangan, sěmuna saregěp kacida. Ki Sardi ngomong ka baturna, pokna: Jendul tenjo aya aki-aki keur mělak tatangkalan nu tanggěl pibuwahaneunnana, taksiran kami eta aki-aki umurna geus liwat tina dalapan puluh taun, tapi boga pikir ngarep-ngarep dadaharan buwah eta nu keur dipělakkeun; karep nu cara kitu tanggěl pisan. Sanggeus ngomong kitu, ki Sardi tuluy bae nanya ka aki-aki teya, ari pokna: Aki, eta pagawean aki kitu, rasa kawula mah geus teu pantěs, leuwih hade serenkeun ka nu ngora bae, nu panjang keneh umurna, supaya kadagoan gědena sarta kapuluk buwahna eta pěpělakan teh; ayeuna aki mělakkeun tatangkalan anu tanggěl cara kitu, moal hasil, krana umur aki ngan kari saeutik deui, etá pěpělakan teh hamo kadahar ku aki. Aki-aki ngawangsul: Lěrěs pisan kawula geus kolot ta mah, nanging pikir kawula, upami kawula paeh samemeh iyeu pěpělakan kawula buwahan, sakersa Gusti Allah tangtu jadi, krana Gusti Allah hanteu kasamaran, naon-naon anu dijadikeun aya hikmatna, tapi kawula ngalakonan wajibna hirup bae, tutulung ka nu sejen; jeung deui sampeyan oge ulah mastikeun panjang keneh umur, krana unggal powe oge geus tangtu kurang umur sampeyan, mana ari hirup meungpeung ngora keneh sampeyan kudu ngalampahkeun amal sae, supaya ulah siyeun maot.

Hartina dongeng iyeu: jělěma hirup kudu běrsih, ari ngalampahkeun gawe kudu nu aya pedahna, geus tangtu aya hasilna, matak bungah di alam dunya, jeung teu siyeun paeh.