Aya nu miskin, ngaranna bapa Wěntah, gawena ngangon ěmbe. Ari kamiskinannana datang ka teu kuwat meuli tarumpah kulit atah, sukuna běbělakeun. Dina hiji powe bapa Wěntah kadatangan semah saurang, asal jalma geus rěměn asup ka berok, lantaran sok maling, ngomong kiyeu: Kauntungan kami mah loba pisan, maneh bapa Wěntah urang sagawe bae jeung kami, ari daek mangke dipangmeulikeun tarumpah weuteuh, nyorang nu jeblog atawa batu nu rocop moal nyeri suku maneh. Wangsulnna bapa Wéntah: eta teu pati dipikir ku kami, teu make tarumpah oge lulus bae, masih loba kauntungan ge, ari tina laku teu běněr, matak teu hade, měnding bělokan suku, manan ati régěd ku doraka mah!

Hartina dongeng iyeu: měnding saeutik kauntungan, nu sarta jalan běněr; gěde oge kauntungan, ari tina jalan salah, tangtu tereh cilaka.