Aya hiji budak lalaki ngaran si Běgog. anak paninggaran; bapana paeh dibědil ku jurujana di leuweung, ari si Běgog keurna leutik dimumule ku indungna bae. Barěng geus umur duwa puluh tahun nuluykeun pagawean bapana.

Dina hiji powe si Bėgog moro ka leuweung, mawa bědil, reureujeungan jeung paninggaran anu loba, nu sok pada barogoh buburu. Si Běgog ngabědil uncal gěde hiji; teu kěna, ngadenge aya jělěma sasambat dina jěro dungus, sasambatna: „Aduh aing keuna ku bědil!” Si Běgog gancang nyampeurkeun ka nu gěgěroan dina ruyuk; barěng ditěmpo, aya hiji jělěma geus kolot, lalangsudan utah gětih, teu lila baturna si Bėgog anu loba pada ngadeugdeug ka nu kabědil, si Bėgog tuluy ngarangkul ka nu kabědil teh, bari tobat sarta barina ceurik: Nu matak kula ngabědil uncal teu nyaho yen aya jělěma dina ruyuk iyeu, jeung teu ngadenge sora jělěma. Nu keuna ku bědil lemek: Maneh moal susah menta pangampura ka kami, ayeuna kami rek mupulihkeun sahiji pěrkara ka maneh, něpi ka ayeuna jělěma taya nu nyaho: nu maehan bapa maneh di handapeun tangkal jati iyeu, nya kami; ayeuna anakna nu malěskeun pati ka kami, nya didiyeu keneh teu karana diniyatan. Sanggeusing ngomong kitu, ari geus deukeut kana hos, nyěbut Gusti Allah adil. Anu keur pada aya didinya bareng ngadenge nu nyěbut kitu, pada ngagětěr kabeh.

Hartina dongeng iyeu: saha-saha jělěma mihutangkeun pati, awal-ahir tampa pamalės, pangeran sipat adil moal kasamaran.